Saturday 12 March 2022

 SOAL PTS BAHASA SUNDA KELAS 4 SEMESTER GENAP KURIKULUM 2013

 

I . Cakraan (X) aksara A, B, C atawa D dihareupeun jawaban anu bener !

 

 

Gatotgaca Raja Pringgandani

 

 

Minggu kamari, Pa Guru ngadongeng carita wayang. Ari nu didongengkeunana nyaeta Gatotgaca Raja Pringgandani. Estu pikareuseupeun dongengna teh, bubuhan Pa Guruna pinter ngadongeng. Malah bari jeung niru dalang sagala, matak pogot nu ngabandunganana.

 

Dongengna teh kieu. Gatotgaca teh putra Bima ti Dewi Arimbi. Anjeunna nuju murangkalih na mah sihungan mangrupa buta. Tali ari-arina teu tiasa dipegatkeun. Numutkeun pituduh, kangge megatkeun tali ari-ari Gatotgaca teh teu aya deul iwal ku senjata Konta. Anu kapancenan milarian senjata Konta teh nyaeta Arjuna, paman na Gatotgaca. Anjeunna tatapa kanggo mendakan senjata tea.

 

Kacaturkeun Batara Narada diutus ku Batara Guru kanggo masihkeun Konta ka Raden Arjuna. Nanging Batara Narada lepat masihkeun. Senjata teh kalah dipasihkeun ka Aradea anu sarupi sareng Arjuna. Atuh der weh Arjuna sareng Aradea galungan parebut senjata Konta. Anu ahirna, Kontana beunang ku Aradea, ari warangkana beunang ku Arjuna.

 

Eta warangka teh tiasa dianggo megatkeun ari-ari Gatotgaca, nanging eta warangka teh teras lebet kana udel Gatotgaca, teu tiasa dicabut deui. Saterasna Gatotgaca janten satria Pringgandani, pendekar karajaan anu gagah taya tanding. Musuh weduk geus niscaya taluk, bubuhan Gatotgaca mah urat kawat balung wesi, dipikagimir ku musuh musuhna.

 

1.  Dewi Arimbi gaduh putra anu namina............

A.  Arjuna

B.  Aradea

C.  Batara Narada

D.  Gatotgaca

 

2.  Pernah naon Arjuna ka Gatotgaca teh?

A.  Bapana

B.  Uwana

C.  Pamanna

D.  Alona

 

3.  Numutkeun tentang di luhur, anu ngadongeng Gatotgaca teh nyaeta............

A.  Pa Guru

B.  Murangkalih

C.  Rama

D.  Paman

 

4.  Anu sanes tokoh dina kisah di luhur nyaeta............

A.  Gatotgaca

B.  Sadewa

C.  Arjuna

D.  Aradea

 

5.  Arjuna sareng Aradea galungan parebut Senjata Konta. Kecap galungan sarua hartina jeung............

A.  Babaturan

B.  Pasea

C.  Gelut

D.  Sarerea

 

6.  Panca indera anu sanggup digunakuen pikeun ngabandungan kisah anu aya di luhur nyaeta............

A.  pangambung

B.  ceupit

C.  soca

D.  letah

 

7.  Maca gancang kudu nganggo sora anu............

A.  tarik

B.  gancang

C.  alit

D.  ngaharewos

 

Pek tingali paguneman di handap ieu!

Dodo : “Kumaha kaman, naha teu asup sakola?”

Adit : “Kamari, urang diajak Mamah ka bumi Nini, ngatongok Nini anu teu damang.” Dodo : “Oh kitu, mugi enggal damang Ninina nya Dit!”

Adit : “Amin, nuhun pidoana Do.”

 

8.  Ngaran tokoh anu aya dina paguneman di luhur nyaeta............

A.  Dodo jeung Adit

B.  Dodo jeung Nini

C.  Adit jeung Mamah

D.  Nini jeung Mamah

 

9.  Eusi tina paguneman di luhur nyantakeun............

A.  Dodo ulin ka imah nini

B.  Adit ulin jeung mamah

C.  Dodo ngalongok nini anu teu damang

D.  Adit ngalongok nini anu teu damang

 

10.  langkah mimiti mekarkeun rangka karangan nyaeta............

A.  Nyieun pokok pikiran

B.  Ngahijikeun pokok pikiran

C.  Nyieun kalimah tina pokok pikiran

D.  Nyieun kata

 

11.  Karangan faktual nyaeta nulis karangan anu saluyu jeung............

A.  Kabiasaan

B.  Karesep

C.  Kajadian

D.  Kahayang

 

12.  Perhatikeun pupuh lambang di handap ieu!

 

Nawu kubang sisi tegal Nylar bogo meunang kadal Nawu kubang sisi tegal Nylar bogo meunang kadat Atuh teu payu dijual

Rek didahar da teu halal

 

Tina Pupuh lambang di luhur ngabogaan watek............

A.  Sieun

B.  Sedih

C.  lawakan

D.  Gumbira

 

13: Jumlah padalisan dina pupuh lambang nyaeta............

A.  5

B.  7

C.  6

D.  8

 

14.  Pupuh anu ngagaduhan watek heureuy atawa banyol nyaeta............

A.  lambang

B.  Sinom

C.  Mijil

D.  Balakbak

 

15.  Ngagunakeun basa dina telepon kudu............

A.  Singget

B.  Bisa kaharti

C.  Padat jeung jelas

D.  Singget, padet, terang jeung kaharti

 

16.  Nyarita dina telepon keur kasaluhureun kudu ngagunakeun basa nu............

A.  kasar

B.  sedeng

C.  lemes

D.  bernafsu pisan

 

 

Pek titenan paguneman dina telepon di handap ieu! Cecep : Halo!

Ucup : Nya, halo!

Cecep Wilujeng wengi, Cup! Ucup , aya naon?

Cecep : Abdi enjing teu tiasa sakota kumargi bade jajap mamah ka dokter, punten pangwartoskeun ka Bu Guru!

Ucup : Muhun, engkin diwartoskeun.

 

17.  Dina paguneman telepon di luhur, kecap nu merenah kanggo ngalengkepan paguneman nyaeta............

A.  Wilujeng kulem

B.  Wilujeng wengi

C.  Wilujeng enjing

D.  Wilujeng siang

 

18.  Pek tingali puisi di handap ieu!

 

Duh Bogor endah patilasan Pajajaran

Duh Bogor endah lembur kuring panineungan Dibenteng ku Cisadane

Dikangkalung Cihaliwung

Cirina Baranangsiang tetelar jaman Pakuan

 

Judul puisi di luhur anu merenah nyaeta............

 

A.  Bogor Endah

B.  Bogor lembur Kuring

C.  Bogor Patilasan Pajajaran

D.  Bogor Dibenteng Ku Walungan

 

19.  Duh Bogor endah.......... kuring panineungan.

A.  patilasan

B.  lembur

C.  katetah

D.  dilingkung

 

20.  Hiji walungan anu aya di Bogor nyaeta............

A.  Musi

B.  Kapuas

C.  Bengawan Solo

D.  Cisadane

 

 

II.  Eusian titik-titik di handap ieu ku balasan anu merenah!

 

 

 

21.  Mikaweruh ngaran kekembangan. Kembang kaso ngaranna ciriwis, ngaran kembang waluh nyaeta.........................

 

 

22.  Abdi mios ka sakola, Ibu...................... ka sakola.

 

Kecap anu saluyu jeung basa lemesna mios nyaeta.

 

 

23.  Pek lengkepkeun paguneman di handap ieu!

 

Fikri : “Nuju naon Wulan?” Wulan.......................... “.

Fikri : “Resepnya Wulan mah, mani pinter ngawihna.” Wulan : “Hatur nuhun”

 

 

Dina paguneman di luhur, kalimah anu merenah pikeun ngalengkepkeun guneman nyaeta.........................

 

 

24.  Anu resep karia ngawih dma paguneman di luhur nyaeta.........................

 

 

25.  Nyaritakeun puisi make parafrase tujuanna nyaeta supaya      ngahartikeunana.

 

 

 

III.  Jawab pananya-pananya di handap ieu ku balasan anu merenah!

 

26.  Pek titenan kalimah-kalimah di handap ieu!

 

(1)  Kuring jeung babaturan sabada olahraga, jajan es doger

 

(2)  Ku karena ka sakola kabeurangan, kuring teu kaburu sasarap heula

 

(3)  Sabada Jajan es doger beuteung kuring kukusialan

 

(4)  Ku karena nyelengit beuteung nu kacida, nepi ka katuretengan di jero kelas

 

(5)  Atuh teu sanggup nuluykeun diajar, malahan balik ka imah dianteur ku bu guru

 

(6)  Tepi ka imah, kuring ku mamah dibawa ka dokter

 

(7)  Ahirna kunng kudu dirawat di rumah sakit

 

 

Susun kalimah-kalimah di luhur semoga jadi karangan anu merenah!

 

 

27.  Pek lengkepan paguneman di handap ieu!

 

Ade : “Kunaon geuning buku teh bet disoekean, Ti?” Siti :      

Ade : “Padahal teu kenging disoekean kitu, lebar!” Siti :       

Ade : “Muhun, sanajan tos teu kapake oge, mending disimpen, engke diical ka tukang loak.”

 

28.  Perhatikeun puisi di handap ieu!

 

 

Lembur Kuring

 

Kiwari pinuh ku patalimarga Nu dagang minuhan trotoar Nu teumpang minuhan jalan

Mun peuting jalan salin jinis jadi pasar Isukna kari runtah nu patutayah

Nu sasapu pahibut muru waktu

 

Nu dagang jeung supir angkutan Patarik-tarik cocorowokan

 

 

Eusi tina puisi di luhur nyaeta.........................

 

 

29.  Jieun kecap di handap ieu jadi katimah anu merenah!

 

a.  Rame

 

b.  Garandeng

 

c.  Tatangkalan

 

 

30.  Tangetan gambar di handap ieu!

 

Cik jieun paguneman telepon anu aya dma gambar ku basa sunda

0 komentar:

Post a Comment