Thursday 16 March 2023

 

PENILAIAN TENGAH SEMESTER GENAP

TAHUN PELAJARAN 2022/2023

 

Nama                    : …………….

Mata Pelajaran       : Bahasa Sunda

Kelas/Semester      : V / 2

No. Absen             : …………………………….

Hari, Tanggal         :

Waktu                   : 07.00 s.d 08.30 WIB

 

I.       Pilihlah salah satu jawaban yang paling tepat pada pilihan A, B, C dan D di bawah ini!


1.       Kagiatan ngalagukeun kawih Disebut .....

A. Kawih                        C. Kakawihan

B. Ngawih                      D. Lagu

 

2.       Rakitan basa sabangsa danding nu teu makѐ patokan pupuh disebut .....

A. Kawih                        C. Kakawihan

B. Ngawih                      D. Lagu

 

3.       Ari harti rumpaka kawih nyaѐta .....

A.    Kagiatan ngalagukeun kawih

B.    Ngahaleuangkeun kawih

C.    Sajak anu sok dihaleuangkeun atawa dikawihkeun

D.    Pupuh

 

4.       Sora anu sarua dina jajaran atawa antarjajaran kawih disebutna .....

A. Gaya Basa                  C. Purwakanti

B. Pilihan Kecap             D. Wirahma

 

5.       Kawih anu judulna “Cinta Nusa” di karang ku .....

A. Mang Bakang             C. Nano S

B. Gugum Gumbira        D. Mang Koko

 

6.       Gundukan kecap anu ngandung harti kiasan disebut .....

A. Babasan                     C. Gѐografi

B. Kakawihan                 D. Kawih

 

7.       Babasan “Hejo Lѐmbok” hartina .....

A. Loba tatangkalan

B. Subur tur loba rezeki

C. Leuweung gedѐ

D. Gomplok tur seger

 

8.       Babasan “alam bandawasa” hartina .....

A. Loba tatangkalan

B. Subur tur loba rezeki

C. Leuweung gede

D. Gomplok tur seger

 

9.       Ieu dihandap anu henteu kaasup kana istilah gѐografi, nyaѐta .....

A. Pasir                          C. Langit

B. Lamping                    D. Leuwi

 

 

10.     Tanah lapang hareupeun kacamatan atawa kabupaten disebut .....

A. Alun-alun                  C. Babantar

B. Babakan                     D. Jungkrang

 

 

11.     Dina istilah gѐografi aya nu disebur pasir. Ari harti pasir tѐh naon?

A. Bagian waluangan anu jero

B. Tuntung walungan anu hilir

C. Gunung leutik sarta handap

D. Lembur anyar

 

12.     Tanah darat nu dipelakan rupa-rupa pepelakan disebut .....

A. Jungkrang                  C. Leuwi

B. Muara                        D. Kebon

 

13.     Salah sahiji karya sastra sunda nu direka dina wangun basa ugeran disebut .....

A. Kawih                        C. Bait

B. Sajak                          D. Puisi

 

14.     Ari sajak biasana dimuat dina naon?

A. Koran/majalah           C. Radio

B. Tv                              D. HP

 

15.     Dihandap ieu anu asup kana unsur sajak nyaѐta .....

A. Jejer, tema, nada, jeung suasana

B. Jejer, nada jeung suasana, rasa, amanat

C. Jejer, nada jeung suasana, rasa, alur

D. Jejer, nada jeung suasana, carita, amanat

 

16.     Pesen panyajak anu karasa ku nu maca sajak disebut .....

A. Jejer                           C. Rasa

B. Nada                          D. Amanat

 

17.     Dina sajak tѐh aya harti konotatif. Harti konotatif sarua jeung .....

A. Harti langsung

B. Harti injeman/kiasan

C. Harti saujratna

D. Harti nu lain sabenerna

 

18.     Dina sajak tѐh aya harti dѐnotatif. Harti denotatif sarua jeung .....

A. Harti langsung

B. Harti injeman/kiasan

C. Harti saujratna

D. Harti nu lain sabenerna

 

19.     “Geuingkeun turunan urang nu masih keneh morongkol”.

 

Kecap morongkol, nuduhkeun jalma keur .....

A. Sarѐ                           C. Ngobrol

B. Dahar                         D. Ngalagu

 

20.     “Neng Wati keur ngahariring kawih sunda”

Kecap ngahariring, nuduhkeun jalma keur .....

A. Sarѐ                           C. Ngobrol

B. Dahar                         D. Ngalagu

 

 

 

Sumber: https://dicariguru.com/soal-uts-bahasa-sunda-kelas-5-semester-2-dan-kunci-jawaban/

Wednesday 15 March 2023

 


 

 

 

 

I . Cakraan (X) aksara A, B, C atawa D dihareupeun jawaban anu bener !

Gatotgaca Raja Pringgandani

 

Minggu kamari, Pa Guru ngadongeng carita wayang. Ari nu didongengkeunana nyaeta Gatotgaca Raja Pringgandani. Estu pikareuseupeun dongengna teh, bubuhan Pa Guruna pinter ngadongeng. Malah bari jeung niru dalang sagala, matak pogot nu ngabandunganana.

 

Dongengna teh kieu. Gatotgaca teh putra Bima ti Dewi Arimbi. Anjeunna nuju murangkalih na mah sihungan mangrupa buta. Tali ari-arina teu tiasa dipegatkeun. Numutkeun pituduh, kangge megatkeun tali ari-ari Gatotgaca teh teu aya deul iwal ku senjata Konta. Anu kapancenan milarian senjata Konta teh nyaeta Arjuna, paman na Gatotgaca. Anjeunna tatapa kanggo mendakan senjata tea.

 

Kacaturkeun Batara Narada diutus ku Batara Guru kanggo masihkeun Konta ka Raden Arjuna. Nanging Batara Narada lepat masihkeun. Senjata teh kalah dipasihkeun ka Aradea anu sarupi sareng Arjuna. Atuh der weh Arjuna sareng Aradea galungan parebut senjata Konta. Anu ahirna, Kontana beunang ku Aradea, ari warangkana beunang ku Arjuna.

 

Eta warangka teh tiasa dianggo megatkeun ari-ari Gatotgaca, nanging eta warangka teh teras lebet kana udel Gatotgaca, teu tiasa dicabut deui. Saterasna Gatotgaca janten satria Pringgandani, pendekar karajaan anu gagah taya tanding. Musuh weduk geus niscaya taluk, bubuhan Gatotgaca mah urat kawat balung wesi, dipikagimir ku musuh musuhna.

 

1.      Dewi Arimbi gaduh putra anu namina............

a.      Arjuna                                        c. Aradea

b.      Batara Narada                              d. Gatotgaca

 

2.      Pernah naon Arjuna ka Gatotgaca teh?

a.      Bapana                                       c. Uwana

b.      Pamanna                                     d. Alona

 

3.      Numutkeun tentang di luhur, anu ngadongeng Gatotgaca teh nyaeta............

a.      Pa Guru                                      c. Murangkalih

b.      Rama                                          d. Paman

 

4.      Anu sanes tokoh dina kisah di luhur nyaeta............

a.      Gatotgaca                                   c. Sadewa

b.      Arjuna                                        d. Aradea

 

5.      Arjuna sareng Aradea galungan parebut Senjata Konta. Kecap galungan sarua hartina jeung............

a.      Babaturan                                   c. Pasea

b.      Gelut                                          d. Sarerea

 

6.      Panca indera anu sanggup digunakuen pikeun ngabandungan kisah anu aya di luhur nyaeta............

a.      Pangambung                               c. Ceupit

b.      Soca                                           d. letah

 

7.      Maca gancang kudu nganggo sora anu............

a.      Tarik                                           c. Gancang

b.      Alit                                             d. ngaharewos

 

Pek tingali paguneman di handap ieu!

Dodo : “Kumaha kaman, naha teu asup sakola?”

Adit : “Kamari, urang diajak Mamah ka bumi Nini, ngatongok Nini anu teu damang.” Dodo : “Oh kitu, mugi enggal damang Ninina nya Dit!”

Adit : “Amin, nuhun pidoana Do.”

 

8.      Ngaran tokoh anu aya dina paguneman di luhur nyaeta............

a.            Dodo jeung Adit                                    c. Dodo jeung Nini

b.           Adit jeung Mamah                                 d. Nini jeung Mamah

 

9.      Eusi tina paguneman di luhur nyantakeun............

a.      Dodo ulin ka imah nini                            c. Adit ulin jeung mamah

b.      Dodo ngalongok nini anu teu damang       d. Adit ngalongok nini anu teu damang

 

10.   langkah mimiti mekarkeun rangka karangan nyaeta............

a.      Nyieun pokok pikiran                               c. Ngahijikeun pokok pikiran

b.      Nyieun kalimah tina pokok pikiran            d. Nyieun kata

 

11.   Karangan faktual nyaeta nulis karangan anu saluyu jeung............

a.      Kabiasaan                                               c. Karesep

b.      Kajadian                                                 d. Kahayang

 

12.   Perhatikeun pupuh lambang di handap ieu!

 

Nawu kubang sisi tegal Nylar bogo meunang kadal Nawu kubang sisi tegal Nylar bogo meunang kadat Atuh teu payu dijual

Rek didahar da teu halal

 

Tina Pupuh lambang di luhur ngabogaan watek............

a.      Sieun                                                      c. Sedih

b.      Lawakan                                                 d. Gumbira

 

13.  Jumlah padalisan dina pupuh lambang nyaeta............

a.      5             b. 7                   c. 6                   d. 8

 

14.   Pupuh anu ngagaduhan watek heureuy atawa banyol nyaeta............

a.      Lambang                                                 c. Sinom

b.      Mijil                                                       d. Balakbak

 

15.   Ngagunakeun basa dina telepon kudu............

a.      Singget                                                   c. Bisa kaharti

b.      Padat jeung jelas                                      d. Singget, padet, terang jeung kaharti

 

 

II.  Eusian titik-titik di handap ieu ku balasan anu merenah!

 

 

1.      Mikaweruh ngaran kekembangan. Kembang kaso ngaranna ciriwis, ngaran kembang waluh nyaeta.........................

2.      Abdi mios ka sakola, Ibu         ka sakola.

Kecap anu saluyu jeung basa lemesna mios nyaeta.

 

3.     Pek lengkepkeun paguneman di handap ieu!

 

Fikri : “Nuju naon Wulan?” Wulan “.

Fikri : “Resepnya Wulan mah, mani pinter ngawihna.” Wulan : “Hatur nuhun”

 

Dina paguneman di luhur, kalimah anu merenah pikeun ngalengkepkeun guneman nyaeta.........................

 

 

4.      Anu resep karia ngawih dma paguneman di luhur nyaeta.........................

 

 

 

5.      Nyaritakeun puisi make parafrase tujuanna nyaeta supaya          ngahartikeunana.

 

 

 

III.  Jawab pananya-pananya di handap ieu ku balasan anu merenah!

 

1.      Pek titenan kalimah-kalimah di handap ieu!

 

(1)  Kuring jeung babaturan sabada olahraga, jajan es doger

 

(2)  Ku karena ka sakola kabeurangan, kuring teu kaburu sasarap heula

 

(3)  Sabada Jajan es doger beuteung kuring kukusialan

 

(4)  Ku karena nyelengit beuteung nu kacida, nepi ka katuretengan di jero kelas

 

(5)  Atuh teu sanggup nuluykeun diajar, malahan balik ka imah dianteur ku bu guru

 

(6)  Tepi ka imah, kuring ku mamah dibawa ka dokter

 

(7)  Ahirna kunng kudu dirawat di rumah sakit

 

Susun kalimah-kalimah di luhur semoga jadi karangan anu merenah!

 

 

2.      Pek lengkepan paguneman di handap ieu!

 

Ade : “Kunaon geuning buku teh bet disoekean, Ti?” Siti :         

Ade : “Padahal teu kenging disoekean kitu, lebar!” Siti :

Ade : “Muhun, sanajan tos teu kapake oge, mending disimpen, engke diical ka tukang loak.”

 

3.      Perhatikeun puisi di handap ieu!

 

 

Lembur Kuring

 

Kiwari pinuh ku patalimarga Nu dagang minuhan trotoar Nu teumpang minuhan jalan

Mun peuting jalan salin jinis jadi pasar Isukna kari runtah nu patutayah

Nu sasapu pahibut muru waktu

 

Nu dagang jeung supir angkutan Patarik-tarik cocorowokan

 

 

Eusi tina puisi di luhur nyaeta.........................

 

 

4.      Jieun kecap di handap ieu jadi katimah anu merenah!

 

a.  Rame

 

b.  Garandeng

 

c.  Tatangkalan

 

 

5.      Tangetan gambar di handap ieu!

Cik jieun paguneman telepon anu aya dma gambar ku basa sunda