Sunday 1 October 2023

Assalamu’alaikum wr wb

Hamdan wa syukrolillah ‘ama ba’du

Puji kalih syukur urang sanggakeun ka Alloh nu Maha Ghofur.

Shalawat sinareng salam mugia dilélérkeun ka panutan alam, nyatana kanjeng Nabi Muhammad SAW.

Ka para kulawargana, ka para sahabatna, para tabiin – tabiinna, para umatna tug dugika urang sadayana anu sami mutabaah ka mantenna. Mugia engké di yaumul akhir kinging syafaat ti anjeunna. Aamiin ya robbal’alamiin.

Girang pangajén anu ku simkuring dipihormat. Bapa ibu Guru anu ku simkuring dipihormat.

Kadirin sadayana sami ku sim kuring dipihormat.

Ngahaturkeun nuhun kan awaktos anu tos dipaparin ka simkuring.

Naming hapunten anu kasuhun simkuring sanés bade ngaraksodkeun  monyét naék, atanapi mapatahan ngojay ka meri. Naming abdi étang-étang ngeusian zaman.

Contoh zaman téh aya dua, nyaéta zaman kapungkur sareng zaman ayeuna.

Saur nini abdi “isukan mah aya endog kongkorongok”

Tah panginten dugika zaman ayeuna ku abdi kaalaman.

Naming teu kinging abdi disangki endog, éta mah siloka, silo upami teu kabuka.

Kukituna sim kuring umajak khususna ka pemudda-pemudi penerus bangsa hayu urang tingkatkeun utamina akhlakul karimah.

Ningkatkeun akhlakul karimah diantawisna:

Ka 1 ku kaadaban

Ka 2 ku kasilideran

Ka 3 ku kaimanan

 

Anu ka 1 kaadaban nyaéta: taatakrama kasopanan, handap asor upami nyarios, ka saluhureun, ka sahandapeun, ka ibu rama sareng ka ibu bapa guru

Anu ka 2 ka solideran nyaéta: Deudeuh welas asih ka sasama, resep nulung ka nu butuh, nalang ka nu susah

Anu pamungkas, nyaéta:

Kaimanan, iman urang ulah unggut kalinuan, ulah gedag kaanginan

Mugi-mugi urang sadaya dipaparin Taufik sareng hidayah kanggo ngalaksanakeun anu 3 rupi tadi. Aamiin

Sakitu nu tiasa kadugikeun

Billahi taufik walhidayah. Wassalamu’alaikum wr wb

0 komentar:

Post a Comment