Saturday 10 December 2022

 

PENILAIAN AKHIR SEMESTER (PAS)

SEMESTER I TAHUN PELAJARAN  2022/2023

TINGKAT SEKOLAH DASAR

                                    Mata pelajaran            : Bahasa Sunda

Kelas                           : IV (Empat)

Hari/Tanggal              : ......................

No

Nama Siswa

Nilai

Paraf Guru

 

 

 

 

 

 

 

Ilo bacaan di handap sing gemet!

 

Oléh-oléh ti Rajapolah

 

Milakeur ngobrol jeung Gilang. Kieu obrolanna téh.

Mida    : “Ari Gilang téh urang mana?”

Gilang  : “Gilag mah urang bandung da Lahir di Bandung, tapi bapa jeung Ema mah urang Rajapolah”

Mida    : “Rajapolah téh di Tasikmalaya téa nya? Nu kasohor hasil karajinanna?”

Gilang  : “Tah éta! Rajapolah ogé réa dideugdeug ku nu ngadon balanja barang hasil karajinan. Ramé pisan,

   komo waktuna peré mah”

            Mida    : “Ari hasil karajinanna naon waé kitu, Lang?”

            Gilang  : “Anyam-anyaman tina awi, pandan, méndong, aya ogé anu tina hoé”

            Mida    : “Oh enya. Éta anyaman téh sok dijieun parabot dapur, parabot rumah tangga,

   hiasan-hiasan deuih, nya?”

            Gilang  : “Enya. Aya boboko, hihid, aseupan, dudukuy, jeung samak. Upami hiasan mah: kap lampu, kipas, jeung

   gantungan konci. Aya deui dompét, wadah patlot, sendal, jeung sajabana”

            Mida    : “Saur bapa mah, hasil karajinan ti Rajapolah téh lain ngan ukur nyumponan pangabutuh Tasikmalaya

   jeung sabudeureunna wungkul, tapi pikeun nyumponan pangabutuh nasionalogé”

            Gilang  : “Malah réa diékspor sagala, da”

            Mida    : “Wih, hébat nya”

            Gilang  : “Hébat atuh! Matak Gilang mah reueus ka lembur sorangan téh”

 

 

            Pananya di handap pék ku hidep jawab!

1.      Kaasup wewengkon mana Rajapolah téh ?

2.      Kasohor ngeunaan naonna Rajapolah téh ?

3.      Naon sababna loba anu ngajarugjug kadinya?

4.      Naon sababna deuih henteu hésé ngajugjugna?

5.      Ku saha éta karajinan téh dijieunna?

6.      Tina naon dijieunna éta karajinan téh?

7.      Naon waé karajinan anu mangrupa parabot dapur?

8.      Naon deuih anu mangrupa hiasan?

9.      Pikeun saha waé éta karajinan téh?

10.   Ari di daérah hidep aya tempat paranti ngajual karajinan?

Dimana?

0 komentar:

Post a Comment