Wednesday 14 December 2022

 

1.     PROLOG

 

ASSALAMU’ALAIKUM WR.WB

Batur jenuk mangka weruh

Balarea mangka waspada

Papayung agung mancuh saestu

Emban mapayang tandana naratas jalan

Kalayan nyebat bismillahirrohmanirrohim

Upacara mapag paturay tineung kelas 6 ...dikawitan

 

2.     Wa Lengser Midang

3.     Gulang-gulang tandang makalangan

4.     Mamayang

PARA MAMAYANG ,,MOJANG NU GANDANG

PARA APSARI PUTRI NU GINDING

PRAK GEURA LUMAMPAH

MASING APIK TUR TARAPTI…..

5.     Payung

BUR GEBUR PAYUNG AGUNG

PAPAYUNG LUHUNG TI INDUNG..PANGRAKSA

 

6.     Lengser

PAMAN LENGSER….GEURA SIAP LAN SAYAGA…GEURA PAPAG TUH PARA SISWA SISWI KELAS

6 SDN 2 Margacinta ....  PRAK GEURA LUMAMPAH,,GEURA TANDANG MAKALANGAN…!!!

 

PROLOG ……….

REUP ANGIN EUREUN HEULA

DIDIEU AYA BEWARA

JEP SORA JEMPE HEULA

DIDIEU AYA CARITA

KULA REK CUMARITA

CARITA KEUR BALAREA

 

 

 

(KA KERSANA KEPALA SDN 2 MARGACINTA  SUMANGGA DIHATURANAN LINGGIH KANA KORSI ANU TOS DISAYOGIKEUN KANGGO NGISTRENAN MURANGKALIH…DIHATURANAN)

PAMAN LENGSER….GEURA SIAP LAN SAYAGA…GEURA PAPAG TUH IBU ,BAPAK KEPALA SDN 2 MARGACINTA

 

7.     SUNGKEMAN

 

Mungguh waktu, kapan jamparing anu melesat

 

Kasep ……..geulis amaking

Dipayun hideup parantos calik bapak kepala sekolah miwah ibu guru nu maksadna bade ngadugikeun kanyaah sareng ka asih ka hidep nu mangrupi piwejang

 

PEK HIDEP SUNGKEM KA NU JANTEN GURU

 

 

Bapa   :

 

Hidep anaking puputon jimat awaking, pek geura regepkeun ku hidep sakabeh, jiad pangdu’a ti ibu bapa  guru hidep, nu dipalar hidep hirup hurip ka hareup. Pek geura patri dina acining padaringan ati sanubari. Cangreud pageuh dina galeuh-galeuh manah anu maneuh. Tungkus dina tungtung kalbu anu saestu. Geura cangcang dina tulang-tulang kahayang nu bakal datang

 

 

 

Anak :

 

Bapa, ibu, hapunten abdi rumaos teu acan tiasa mulangkeun kadeudeuh, abdi teu acan tiasa nepakeun kanyaah, anu aya ngan geugeuleuh jeung kariweuh. Abdi neda halal ti ibu kalih ti bapa tina sagala rupina, lantaran abdi teu acan tiasa mulang tarima. Mung abdi sadaya neda panuhun kanu Maha Agung mugi-mugi guru abdi sadaya apanjang-apunjung salamina.

 

 

 

Ibu :

 

Duh, anaking, kolot mah lautan hampura, rido jeung iklas,  ibu reueus reugreug pageuh awor jeung kabungah, lamun hidep sarerea bisa ngojayan pangalaman atikan nu leuwih luhur tur lega. Tapi sawalerna ibu teu ridlo, bapa teu rela, lamun mah hidep kokoleaban na seuneu naraka alatan nyieun dosa na mangsa rumaja. MOal rela lamun hidep joledar tambelar kana tetekon ti anu Maha Linuhung,  ibu humandeuar hariwang sieun karandapan. Omat geulis, kasep, sing bisa nyiar elmu pangaweruh nu leuwih luhur ajen inajenna manan ti MTs.

 

 

 

Anak :

 

Duh,   bapa, sakitu seueurna kesang anu parantos ngucur dina enggoning ngatik ngadidik abdi sadaya, poho kacape, poho kasieun. Bade kumaha abdi mulang tarima? Nu pareng musingkeun, mungpang, ngabandel pikahariwangeun. Matak hese matak cape. Bapa, hapunten abdi.

 

 

 

Bapa :

 

Duh … Anaking, geulis jeung kasep,  wanci ieu harepan geus narembongan, nu ngagupay ka hidep sarerea. Bral geura miang tandang udag kahayang, bapa nyerangkeun ti kaanggangan. Diandung pangestu ti ibu dijajap pangdu’a ti bapa.

Bismillah tawakalna anu diseja

Pileuleuyan hidep pileuleuyan …

 

..........................................................................

MANGGA KASEP ,GEULIS MANGGA UH DEUI KA TEMPATNA

 

..........................................................................................................................................................................................

 

 

 

 

Bral geura miang, dijajap rewu pangdu’a

Dirungrum pangjurung laku, mugia mulus rahayu

Mugia pinanggih bagja, bral geura miang

 

                                        Geura tandang makalangan

 

 

 

 

Mung sakitu anu kapihatur pidangan prosesi upacara miangkeun kelas 9.

Hatur nuhun kana perhatosannana

Bobor sapanon carang sapakan, neda agung cukup lumur neda jembar hapuntenna

Wassalamu'alaikum wrohmatullahi wabarokatuh

 

 

 

 

 

0 komentar:

Post a Comment